Kiwari, maca sajak téh geus ilahar pisan dilaksanakeun ku
urang Sunda. Sajak-sajak ciptaan para panyajak digalantangkeun ku nu macana di
hareupeun balaréa. Nu maca sajak téh minangka wawakil panyajak pikeun
nembrakkeun sagala rupa rasa jeung pikiran nu nyangkaruk dina sajak nu dibaca.
Maca sajak kieu téh geus jadi hiji wanda kasenian nu mandiri. Kawas dina
seni-seni séjénna, maca sajak ogé tangtu baé aya carana atawa téhnikna nu kudu
dipibanda ku pamaca sajak.
Nu dibahas di dieu: tehnik dasar. Ari tehnik dasar tea bisa
diulik ku sing saha bae nu hayang bisa. Mun geus nyangkem dadasarna, ka dituna
bisa dimekarkeun ku sorangan, jadi gaya
nu mandiri, unik taya duana, teu nyampak di nu sejen. Upamana, tehnik maca
sajak Rendra beda jeung Taufik Ismail, Sutarji CB, jrrd.
Nyurahan Sajak
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti. Atawa, ngadadarkeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan.
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti. Atawa, ngadadarkeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan.
Pamaca sajak kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji
sajak. Upamana dina hiji sajak aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang,
cimata, bisa ditangtukeun yén éta sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih.
Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa
ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun sumanget atawa kaambek.
Lenyepan
(Penghayatan)
Lenyepan ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji
sajak. Mun nyurahanana kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna oge bakal
kabawa salah. Upamana baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der
digalantangkeun bari ambek tipopolotot, atawa sabalikna ti éta. Alhasil, pamaca sajak kudu bener-bener bisa
nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran.
Lenyepan oge kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu
dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa
kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk,
atawa ceurik balilihan, atawa sabalikna, ambek tipopolotot nyentakan nu lalajo.
Hal saperti kieu bisa ngabalukarkeun kecap jeung kalimah jadi teu jéntré da
émosina kaleuleuwihi téa. Padahal, apan pamaca sajak mah kudu atra ngucapkeun
kecap jeung kalimah.
Artikulasi
Artikulasi dina maja sajak taya lian iwal ti kajéntréan
lebah ngalapalkeun aksara demi aksara. Dina maca sajak aya nu disebut cacad
artikulasi, nyaéta tadi, teu jelas dina ngalapalkeun aksara lantaran létah si
pamaca henteu nepi kana wewengkon artikulasi. Upamana, dina ngalapalkeun
aksara T apan létah téh kudu neken
antara huntu jeung gugusi. Ngalapal M
biwir kudu rapet, jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu
ngabandungan bakal jéngkél jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya
sawatara cara pikeun latihan artilulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan
gancang kalimah-kalimah nu hésé, upamana ; laeur mapay areuy, ban oplét opat,
babu ibu abi, jrrd.
Intonasi
Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca
sajak ditangtukeun pisan ku sajakna da apan sajak téh kalimah nu ngalagu téa.
Intonasi karék bisa genah karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak
nu ngaheulakeun lentong batan nyurahan jeung ngalenyepan sajak, nu
ngabalukarkeun lentongna karasa dijieun-jieun teuing. Lentong mah bakal
nuturkeun mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna.
Wirahma
Wirahma téh nyaéta
kombinasi turun-naékna, panjang-pondokna, tarik halonna maca sajak. Nya
wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus
ngocor teu pegat-pegat, ngawangun imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud
tina tekanan-tekanan kana kecap. Aya nu disebut tekanan dinamik; tekanan tarik
jeung halonna ucapan. Tekanan Nada: luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo;
gancang jeung lambatna dina ngucapkeun kalimah. Catetan: pamaca sajak kudu
ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing, komo lamun
lambat teuing mah, matak bosen nu ngabandungan.
Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Tangtuna gé
pamaca sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina
tanda-tanda baca, atawa antara pada (bait) jeung pada, pamaca sajak ogé kudu
ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan nu ngadéngékeun (nu
lalajo) bisa ngalenyepan éta kalimah penting téa. Randegan kieu téh digunakeun
saperluna baé. Upama pamaca sajak mindeng teuing rundag-randeg, bisa
ngabalukarkeun témpo maca jadi lambat, matak kesel ka nu lalajo.
Klimaks
Teu kabéh sajak bakal genah dibaca di pakalangan. Sajak nu
bakal genah dibacana nyaéta sajak-sajak nu atra tur karasa klimaks atawa
puncakna. Sajak bakal karasa tutug, anggeus, jeung nyerep ka nu ngabandungan.
Kitu ogé mun pamaca sajak bisa ngabina puncak. Nu disebut membina puncak téh
nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi ka puncakna dina éta
sajak. Upama hiji sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada
katilu, pamaca sajak kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina
pada kadua, émosi, sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu
(puncakna téa), émosi, sora jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat
minangka antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui.
Pasemon jeung Réngkak
Pasemon (mimik) tangtuna ge diluyukeun jeung rasa nu
nyangjaruk dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna
panon, ditangtukeun pisan ku inténsitas penghayatan pamaca sajak kana sajak nu
dibaca. Pasemon bakal karasa wajarna upama pamaca sajak enya-enya ngalenyepan
eusi sajakna. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun,
meureup, ngacung, gilek
sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina taya lian iwal ti pikeun leuwih
ngajéntrékeun naon nu nyangkaruk dina eusi sajak nu dibaca.Réngkak kudu
puguh motivasina, kudu puguh maksudna. Réngkak nu dapon usik, komo bari
réa teuing pakepukna, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék
dijéntrékeun.
***