Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah,
nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun
salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa. Dina basa
Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin
“Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun ogé salaku
ngolah tanah atawa tatanén. Kécap culture ogé bisa dihartikeun
salaku “kultur” dina basa Indonesia. Kabudayaan didefinisikeun salaku
sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun
maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta
jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupakeun
sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung
strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif
nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif dina
nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung
tindakan-tindakanna. Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh
pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung
ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh
pikeun tingkah lakuna. Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan
anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka
anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun
ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud
boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu
dijieun ku manusa). Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh
ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna,
lantaran ku
pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran
lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua. Sedengkeun
Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan
utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan,
ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah),
nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut
kabudayaanan.
Basa Masarakat Sunda
Informasi pangkolotna ngeunaan basa jeung aksara nu dipaké di wilayah Kepulauan Nusantara, kalibet Tatar Sunda, aya dina prasasti ti abad ka-5 Masehi. Dina éta abad digunakeun basa Sanksekerta jeung aksara Palawa pikeun nuliskeun sababaraha prasasti di Kalimantan Timur (Karajaan Kutai) jeung Tatar Sunda (Karajaan Tarumanagara). Éta basa jeung aksara lain basa pituin diajangkeun pikeun nuliskeun dokumen resmi, henteu digunakeun pikeun komunikasi sosial. Jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, prasasti jeung naskah ditulis ngagunakeun dua basa jeung dua aksara, nya éta basa jeung aksara Sunda kuna sarta basa jeung aksara Jawa kuna. Basa Sunda resmi diaku salaku basa nu madeg mandiri ti mimiti taun 1841, dicirikan ku ayana (terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa Belanda-Melayu dan Sunda). Kamus éta diterbitkeun di Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur, sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde. Tuluy Roorda ngajieun pernyataan : Tulisan déngdékIeu kamus aya mangpaatna, hususna ngarah leuwih apal kana basa anu nepi ka ayeuna kurangna pangaweruh jeung teu sampurna, basa anu dipaké di wewengkon Jawa wilayah barat (kulon), ku masarakat di dinya mah sok disebut Sunda atawa Sundalanden, basa nu dipaké di wilayah timur, béda jeung basa Jawa jeung Melayu, nya éta basa anu dipaké ku urang dengeun di kepulauan Hindia Timur. Basa Sunda salaku basa anu digunakeun dina pakumbuhan masyarakat, miboga sababaraha dialék gumantung daérahna, kayaning dialék Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon. Alatan kitu, basa Sunda ogé mibanda basa anu maneuh dina hartian basa lulugu minangka basa penganteur atawa basa nu baku dina pengajaran atawa dina pakumbuhan nya éta basa nu aya di wilayah Priangan utamanya Bandung. Dina basa sunda aya anu disebut undak-usuk basa anu mangrupa padodan pikeun basa masarakat sunda. Undak-Usuk basa Sunda gumelar antara abad ka-18 atawa 19 nalika datang pangaruh politik Mataram jeung pengaruh ti basa Jawa Kuna. Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda, mémang dina pakumbuhan urang Sunda (cara pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-panta sosial. Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da aya hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun utang Timur asing (Cina, Arab, Keling jsté). Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna. Tapi ku lantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta: ménak, santana, somah atawa cacah kuricakan. Undak-usuk basa anu dijieun jeung diajarkeun dina abad ka-19 nepi ka awal ka-20, mémang luyu jeung kaayaan masyarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-tahap sosial. Basa Sunda mibanda alat pikeun nuliskeunana nya éta aksara Sunda, ogé dieuyeuban ku Undak-Usukna anu digunakeun nalika nyarita anu diluyukeun jeung tempat, jalma anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana minangka silih ajénan anatara papadana. Tétéla geuning basa Sunda téh mangrupa basa anu madeg mandiri, basa anu tumuwuh di lingkungan masarakat Sunda, basa nu kudu dijaga, kudu diriksa jeung diraksa ku sakumna urang Sunda minangka salasahiji unsur budaya pikeun ngécéskeun yén “Basa Sunda Jati Diri Urang Sunda”.