Rabu, 28 Agustus 2013

TEHNIK DASAR MACA SAJAK

Ku : Godi Suwarna (dicutat tina Fiksimini Basa Sunda )

Kiwari, maca sajak téh geus ilahar pisan dilaksanakeun ku urang Sunda. Sajak-sajak ciptaan para panyajak digalantangkeun ku nu macana di hareupeun balaréa. Nu maca sajak téh minangka wawakil panyajak pikeun nembrakkeun sagala rupa rasa jeung pikiran nu nyangkaruk dina sajak nu dibaca. Maca sajak kieu téh geus jadi hiji wanda kasenian nu mandiri. Kawas dina seni-seni séjénna, maca sajak ogé tangtu baé aya carana atawa téhnikna nu kudu dipibanda ku pamaca sajak.
Nu dibahas di dieu: tehnik dasar. Ari tehnik dasar tea bisa diulik ku sing saha bae nu hayang bisa. Mun geus nyangkem dadasarna, ka dituna bisa dimekarkeun ku sorangan,  jadi gaya nu mandiri, unik taya duana, teu nyampak di nu sejen. Upamana, tehnik maca sajak Rendra beda jeung Taufik Ismail, Sutarji CB, jrrd. 
 
Nyurahan Sajak 
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti. Atawa, ngadadarkeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan. 
Pamaca sajak kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji sajak. Upamana dina hiji sajak aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang, cimata, bisa ditangtukeun yén éta sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih. Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun sumanget atawa kaambek. 
 
Lenyepan (Penghayatan) 
Lenyepan ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji sajak. Mun nyurahanana kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna oge bakal kabawa salah. Upamana baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der digalantangkeun bari ambek tipopolotot, atawa sabalikna ti éta.  Alhasil, pamaca sajak kudu bener-bener bisa nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran. 
Lenyepan oge kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk, atawa ceurik balilihan, atawa sabalikna, ambek tipopolotot nyentakan nu lalajo. Hal saperti kieu bisa ngabalukarkeun kecap jeung kalimah jadi teu jéntré da émosina kaleuleuwihi téa. Padahal, apan pamaca sajak mah kudu atra ngucapkeun kecap jeung kalimah. 
 
Artikulasi 
Artikulasi dina maja sajak taya lian iwal ti kajéntréan lebah ngalapalkeun aksara demi aksara. Dina maca sajak aya nu disebut cacad artikulasi, nyaéta tadi, teu jelas dina ngalapalkeun aksara lantaran létah si pamaca henteu nepi kana wewengkon artikulasi. Upamana, dina ngalapalkeun aksara  T apan létah téh kudu neken antara huntu jeung gugusi. Ngalapal M  biwir kudu rapet, jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal jéngkél jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun latihan artilulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu hésé, upamana ; laeur mapay areuy, ban oplét opat, babu ibu abi, jrrd. 
 
Intonasi 
Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca sajak ditangtukeun pisan ku sajakna da apan sajak téh kalimah nu ngalagu téa. Intonasi karék bisa genah karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan  tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak nu ngaheulakeun lentong batan nyurahan jeung ngalenyepan sajak, nu ngabalukarkeun lentongna karasa dijieun-jieun teuing. Lentong mah bakal nuturkeun mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna. 
 
Wirahma 
Wirahma  téh nyaéta kombinasi turun-naékna, panjang-pondokna, tarik halonna maca sajak.  Nya  wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus ngocor teu pegat-pegat, ngawangun imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud tina tekanan-tekanan kana kecap. Aya nu disebut tekanan dinamik; tekanan tarik jeung halonna ucapan. Tekanan Nada: luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo; gancang jeung lambatna dina ngucapkeun kalimah. Catetan: pamaca sajak kudu ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing, komo lamun lambat teuing mah, matak bosen nu ngabandungan.

Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Tangtuna gé pamaca sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda baca, atawa antara pada (bait) jeung pada, pamaca sajak ogé kudu ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan nu ngadéngékeun (nu lalajo) bisa ngalenyepan éta kalimah penting téa. Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé. Upama pamaca sajak mindeng teuing rundag-randeg, bisa ngabalukarkeun témpo maca jadi lambat, matak kesel ka nu lalajo. 

Klimaks 
Teu kabéh sajak bakal genah dibaca di pakalangan. Sajak nu bakal genah dibacana nyaéta sajak-sajak nu atra tur karasa klimaks atawa puncakna. Sajak bakal karasa tutug, anggeus, jeung nyerep ka nu ngabandungan. Kitu ogé mun pamaca sajak bisa ngabina puncak. Nu disebut membina puncak téh nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi ka puncakna dina éta sajak. Upama hiji sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada katilu, pamaca sajak kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina pada kadua, émosi, sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu (puncakna téa), émosi, sora jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui. 

Pasemon jeung Réngkak 
Pasemon (mimik) tangtuna ge diluyukeun jeung rasa nu nyangjaruk dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku inténsitas penghayatan pamaca sajak kana sajak nu dibaca. Pasemon bakal karasa wajarna upama pamaca sajak enya-enya ngalenyepan eusi sajakna. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun, meureup, ngacung, gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina taya lian iwal ti pikeun leuwih ngajéntrékeun naon nu nyangkaruk dina eusi sajak nu dibaca.Réngkak kudu puguh motivasina, kudu puguh maksudna. Réngkak nu dapon usik, komo bari réa teuing pakepukna, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék dijéntrékeun. 
*** 

Sumber : Fiksimini Basa Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar